Anu disebut Sumedang ayeuna, baheulana mah Karajaan Sumedang Larang. Puseur dayeuhna disebut Kutamaya. Ari anu jadi rajana nyaéta Pangéran Geusan Ulun, turunan Raja Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi. Malah bisa disebutkeun yén Sumedang Larang téh minangka gaganti atawa anu neruskeun Pajajaran, sabab makuta Prabu Siliwangi ragragna ka Pangéran Geusan Ulun.
Hiji mangsa, Pangéran Geusan Ulun patelak jeung Sultan Cirebon, tepi ka derna perang rongkah. Wewengkon Sumedang Larang dijorag ku prajurit Karajaan Cirebon. Harita, pasukan Sumedang dipingpin ku opat sénapati, nyaéta Embah Jaya Prakosa atawa Embah Sayang Hawu, Embah Nanganan atawa Embah Batara Wiyati Wiradijaya, Embah Sangiang Kondang Hapa, jeung Embah Batara Pencar Buana atawa Embah Térong Péot.
Kakocapkeun, dina hiji poé, Embah Jaya Prakosa meunang laporan yén pasukan Cirebon geus katempo ngaleut rék ngarurug Dayeuh Sumedang. Harita kénéh opat sénapati ngayakeun rundingan, dipingpin ku Embah Jaya Prakosa, pikeun nyegat musuh sangkan teu kebat asup ka dayeuh. Pangna kitu téh sabab lamun perangna di jero dayeuh geus pasti bakal loba lembur anu ruksak sarta rahayat anu jaradi korban.
Saméméh miang rék mapag musuh, Embah Jaya Prakosa anu minangka kokolot sénapati amitan heula ka Geusan Ulun; bari nerangkeun kieu: “Gusti Prabu mah linggih waé di karaton, teu kedah ngaraos salempang. Sawios Mamang waé anu badé mayunan musuh mah. Namung sateuacan mios, Mamang badé nancebkeun tangkal hanjuang di juru alun-alun, minangka kanggo tanda. Saupami éta tangkal hanjuang hirupna subur, hartosna Mamang unggul di pangperangan. Tapi upami katingali ngarangrangan, éta hartosna Mamang kasoran. Tah, uparni kitu, karaton énggal-énggal geura alihkeun, bilih pasukan Cirebon ngarurug ka dieu.”
Sanggeus kitu, Embah Jaya Prakosa nancebkeun tangkal hanjuang di juru alun-alun Kutamaya. Geus kitu mah bring waé pasukan Sumedang téh indit ka médan laga. Der perang campuh aya poéna. Korban ti dua pihakanana geus kaitung loba. Layon pagolétak, kitu deui anu taratu.
Dina ahirna, pasukan Cirebon kariripuhan, sabab loba pisan anu palastra. Anu harirup kénéh gancang ngarejat ti pakalangan. Ku Embah Jaya Prakosa terus dibeberik.
Anu ngabeberik musuh bet kamalinaan, tepi ka sénapati anu tilu leungiteun. Didagoan aya poéna, angger teu datang-datang. Teg waé maranéhna boga sangkaan yén Embah Jaya Prakosa geus kasambut waktu keur ngungudag musuh.
Pasukan Sumedang mulang ka dayeuh tanpa Embah Jaya Prakosa. Prabu Geusan Ulun ngarasa salempang jeung bingung, sabab sénapati andelanana henteu mulang ti médan perang. Kumaha lamun Cirebon ngarurug deui, ceuk dina pikiranana.
Ku sabab kitu, Prabu Geusan Ulun buru-buru mindahkeun karatonna ka Dayeuhluhur.
Kacaritakeun, sanggeus ngabeberik musuh sakitu lilana. Embah Jaya Prakosa mulang deui ka Sumedang. Kacida kagéteunana waktu asup ka dayeuh anu geus kosong. Geus teg waé nyangka yén karaton dipindahkeun ka tempat séjén. Naha Sang Prabu maké mindahkeun karaton, ceuk dina pikirna. Kapan aing mah teu kua-kieu. Tuh buktina, tangkal hanjuang di juru alun-alun angger hirupna subur.
Embah Jaya Prakosa laju ngajugjug ka Dayeuhluhur. Sadatang-datang, ieu sénapati téh terus nganaha-naha ka Pangéran Geusan Ulun, duméh geus mindahkeun karaton bari teu merhatikeun tangkal hanjuang anu dipaké ciri téa. Sang Prabu ngaku kana kasalahanana, sabab cenah harita téh awahing ku geumpeur, lantaran Embah Jaya Prakosa henteu mulang bareng jeung prajurit Sumedang.
0 komentar:
Posting Komentar